Panday, hiji pakasaban anu kiwari
geus arang langka. Pangna disebut arang langka, enya da geuning dina kahirupan
sapopoé arang pisan atuh (ari teu bisa disebut tara mah) katingali—sahenteuna
ku kuring di lembur kuring, anu kabawa ka Désa Bojong-Kacamatan Bungbulang—aya jelema keur nyipuh atawa keur ngalambus. Ku
kituna, matak ngadak-ngadak sok asa nineung mun kuring pareng manggihan kecap panday
dina buku basa Sunda, Enya inget ka mangsa 20 taunan ka tukang nalika
kuring boga tatangga anu boga pakasaban jadi panday, Mang Hamim ngaranna. Nu
inget téh hebos lambusanana wé jeung burahay seuneuna, da bubuhan harita mah
kuring leutik kénéh jadi teu pati loba anu karékam ku uteuk. Ngan édas, sok
sanajan saeutik anu karékam, tapi anu sakitu sauetik téh kacida nanceb kana
ingetan.
Untungna, kabeneran dina Lebaran
taun ayeuna, éta rasa nineung kuring bisa kaubaran. Ari nu jadi lantaranna mah
nalika kuring silaturahmi ka imah dulur anu geus lila teu kaanjangan—manggihan jelema
anu boga kasab jadi panday. Mang Ano ngaranna téh, hiji lalaki umur 45 taunan
anu geus jero pangalaman dina palebah nyieun parabot tina beusi.
Hiji kauntungan deui pikeun
kuring, waktu harita kabeneran Emang kuring boga maksud nyieun congkrang anyar
ka Mang Ano pikeun ngagenti congkrang heubeul anu semplak, jadi kuring boga
kasempetan pikeun nyakséni kumaha prak-prakan Mang Ano dina nyieun parabot
tatanén tina beusi, hususna congkrang.
Dina migawé éta pagawéan, ku teu
disangka-sangka—Mang Ano horéng dibantuan ku pamajikanana, mangkaning éta pagawéan
téh kaitung beurat.
Dina prak-prakan nyieun éta
congkrang, Mang Ano nyiapkeun beusi urut pér mobil (meunang meuli lima rébu
rupia sasirihna). Tuluy éta beusi téh diduruk dina areng anu dihébos maké blower.
Har, gening maké blower … lain biasana mah maké lambusan? Enya aya éta
ogé lambusan mah, ngan ngarah irit waktu jeung tanaga, lolobna mah blower anu
dipaké pikeun ngahébos téh. Kitu alesan Mang Ano. Ari lambusan, dipakéna téh
dina mangsa listrik keur aliran atawa pareum wé, minangka keur jaga-jaga.
Balik deui kana beusi anu
dibeuleum. Satutas éta beusi anu dibeuleum téh asak ceuk ukuran manéhna, laju
Mang Ano nyait éta beusi anu ngagebur burahay ku cara dicapit. Bari nyekelan
panyapit tina beusi téa, Mang Ano tayohna nyipta-nyipta gambar congkrang dina
luhureun éta beusi, tuluy inyana neueulkeun tatah luhureun beusi anu ngagebur
téa dituturkeun ku pamajikanana anu ngheumatkeun palu gedé kana tonggong tatah.
Doléwak éta beusi panas téh jadi aya tapakan. Sed, tatah ku Mang Ano
diisedkeun. Habek deui ku pamajikanana diheumat maké palu. Kitu jeung kitu,
nepi ka éta beusi meunang meuleum téh semplék, anu sesemplékanana boga panjang kurang-leuwih
10 sénti tur rubakna kurang leuwih tilu
sénti. Laju éta sesemplékan téh dibeuleum deui
nepi ka burahay, geus burahay tuluy dijait deui ku Mang Ano, tuluy ditimpa deui
maké palu ku pamajikanana nepi ka sautik-saeutik rubak éta congkrang téh
nambahan, geus tiis laju dibeuleum deui … dijait … terus ditimpa deui ku
pamajikanana. Kitu jeung kitu nepi ka éta beusi tina pér mobil téh jadi
congkrang. Atuh satutas wangunna siga congkrang mah tuluy wé éta congkrang téh
digurinda jeung disipuh. Geus disipuh mah éta congkrang téh bisa dianggap jadi
tur bisa dibawa balik.
Kitu prak-prakan digawé Mang Ano
minangka panday di lemburna (Kp. Lemah Luhur-Bungbulang-Garut). Mémang jadi
panday téh lain pakasaban utama Mang Ano, sabab éta pagawéan téh dipigawé ngan
di mana aya nu pesen tur dina waktu reureuh tina pagawéanana anu utama, nyaéta
jadi tukang tani siga urang Gunung Jampang umumna. “Ti mana waé, No … tadi
isuk-isuk urang ka dieu—euweuh?” ceuk Emang kuring. “Biasa wé tas ti sawah, tuluy
nempo munding …,”
kitu témbal Mang Ano,
nandakeun yén inyana ngan kalan-kalan aya di gosalina.
Ku sabab Mang Ano digawé di
gosali ngan di mana aya pesenan, nya inyana teu bisa nangtukeun
sabaraha-sabarahana panghasilanana tina ladang manday. Waktu ku kuring
ditanya—Na teu hayang ngaronjatkeun produksi tina manday tuluy masarkeunana ka
tempat anu leuwih jauh, Mang Ano ngajawab héngkér ku waktu sabab inyana boga
pagawéan nyawah jeung ngurus munding, anu salila ieu dianggap pagawéan utama,
ditambah deuih can aya nu daék masarkeunana. Kitu tandes Mang Ano, anu akina
terah ti Ciwidey-Bandung téh.
Sacara visual, kumaha
prak-prakan Mang Ano dina migawé
pagawéan di luhur, bisa katangén dina video anu ditautkeun di handap