Saturday, March 9, 2013

Kamar Cai

Kamar Cai (Aksara Sunda PDF)


Kuring boga dongeng yeuh .... Eh, lain dongeng ketang da ieu mah nyata. Ieu kajadian teh pangalaman baheula waktu mimiti kuring asup kuliah.

Harita teh wanci pasosore kuring keur gogoleran di kosan da puguh teu aya gawe. Keur anteng gogoleran, jug-ujug aya nu keketrok kana panto. Teu kungsi lila, jung kuring nangtung, bray mukakeun panto. Sanggeus panto dibuka, di luar katembong aya budak lalaki saumuran kuring. Barang paamprok beungeut--manehna némbongkeun seuri bari terus pok nanya, "Maaf, A, kalau KAMAR CAI di sebelah mana, ya?"

Teu hararese, harita kénéh ku kuring langsung dijawab bari dituduhkeun, "Oh, kamar cai ... itu, A, di sebelah kiri, setelah kamar yang ke empat dari sini ....

Geus kitu mah--sanggeus nganuhunkeun--langsung bae manehna indit muru ka lebah ka kamar cai sakumaha sapanuduh kuring. Atuh ku kuring dijajapkeun weh ku paningali. Tapi na atuh, ari pas palebah hareupen kamar cai tea--manehna melong ka kuring bari semu nu ambek jeung aya gurat nganaha-naha. Dipelong samodel kitu, nyel kuring kahudang ambek, ngan hadena bae harita pas kabeneran katempoeun ku anu boga kosan.

Tayohna surti kana kaayaan, pok harita nu boga kosan nanya ka eta budak.

 "Ada apa, Cep? Mau cari siapa?"

"Anu, Pak, mau tanya ... kalau kamarnya cai yang anak pertanian sebelah mana, ya?"

Ceuk nu boga kost, "Oooh ... nyari CHAIRIL. Itu, Dek, kamar yang ke-3 sebelum pojok ...."

(kuring ngan bati ungut-unggutan)


Ngasuh Budak
Pinunjul Tarucing Cakra 2010