Dina hiji peuting, tegesna malem Jumaah, Jang Ihin jeung Nyi Uti keur ngasuh anakna--Si Radit, nu umurna karék nincak opat taun--di enggonna. Maranéhna aranteng nganteur kahayang budak kana rupa-rupa kaulinan. Tina kaulinan hiji kana kaulinan séjénna. Tina kaulinan itu kana kaulinan ieu. Kabéh dipecak, kabéh dipetakeun. Éstu taya nu dicaram, sidik euweuh nu diulahkeun. Kituna téh munasabah, sabab éta budak téh anak maranéhna anu mimiti jeung karék hiji-hijina.
Peuting beuki ngarayap ngadeukeutan puncerna. Tapi éta budak can baé suda tanaga pikeun ulin, mangkaning wanci ngagayuh ka sareureuh kolot. Harita, sanggeus maén sapintrong, kakara éta budak reureuh heula sawatara jongjongan, kitu deui ogé kadua kolotna. Carapéeun tayohna mah--bati luluncatan. Tapi henteu sawatara lila kituna téh, satutas kacapéna karasa ngurangan, harita kadéngé sora éta budak ménta deui ulin, ngolo ka kolotna.
“Abah ... Ambu, urang ameng maung-peucang anu kamari didongéngkeun ku Enin, yu ...!” ceuk sora éta budak.

“Naha sanés ti tatadi atuh, Dit. Énjing deui wéh ... Ambu
jeung Abah tos tunduh ayeuna mah, capé ... pan tatadi ogé tos ameng ucang
anggé, congklak béklen, ucing sumput, malah sapintrong ogé pan atos. Maenya meni teu acan wareg ameng téh?
Anggursi ayeuna mah geura bobo kaituh. Tos wengi,” témbal Nyi Uti ka anakna nu
tétéla
boga ngaran Radit.
“Atuh lah, Ambu, da teu acan tunduh ... Abah ogé teu acan
tunduh pan, Bah?” témbal éta budak bari semu ngarenghik miharep digugu
kahayangna.
“Gugu wéh, Ambu ... ngarah gancang saré kainyah,” ceuk bapana
budak semu ngaharéwos.
“Nya sok atuh, Dit, ari panasaran mah .... Éh, naha geuning
Radit bet nganggo kostum jangkrik?” tanya Nyi Uti ka anakna.
“Nya muhun atuh, Ambu, Radit mah nganggo kostum jangkrik, maenya nganggo kostum maung, pan
anu janten maung sareng peucangna mah Abah sareng Ambu,” témbal budak bari
mener-mener kostum jangkrik anu geus napel dina awakna.
“Oh, seug atuh ari kitu mah,” ceuk Nyi Uti bari rap rék maké
kostum maung.
“Ihh ... lepat, Ambu. Éta mah dianggona ku Abah. Ambu mah ieu yeuh ... kostum peucang,” ceuk budak bari sor ngasongkeun kostum peucang ka indungna. Laju ngasongkeun kostum maung ka bapana.
“Ihh ... lepat, Ambu. Éta mah dianggona ku Abah. Ambu mah ieu yeuh ... kostum peucang,” ceuk budak bari sor ngasongkeun kostum peucang ka indungna. Laju ngasongkeun kostum maung ka bapana.
***
Satutas eta dua kolot katilu anak darangdan saluyu jeung karater sewang-sewangan anu baris diperankeun, kaayaan kamar oge diropea.
No comments:
Post a Comment