Thursday, November 6, 2014

Sinom Peuting

 Sinom Peuting (PDF Aksara Sunda)


Peuting datang nyilih beurang,
kiwari geus ganti wanci,
srangéngé nu mangpray caang,
diteureuy ku peteng ratri,
papaés sora jangkrik,
caricangkas gudug-gudug,
gaang milu raréang,
mapaésan wanci suni
matak éndah kakawasaan Pangéran.

No comments:

Post a Comment