Tuesday, August 18, 2015

Panday di Pasisian Garut

Panday, hiji pakasaban anu kiwari geus arang langka. Pangna disebut arang langka, enya da geuning dina kahirupan sapopoé arang pisan atuh (ari teu bisa disebut tara mah) katingali—sahenteuna ku kuring di lembur kuring, anu kabawa ka Désa Bojong-Kacamatan Bungbulang—aya  jelema keur nyipuh atawa keur ngalambus. Ku kituna, matak ngadak-ngadak sok asa nineung mun kuring pareng manggihan kecap panday dina buku basa Sunda, Enya inget ka mangsa 20 taunan ka tukang nalika kuring boga tatangga anu boga pakasaban jadi panday, Mang Hamim ngaranna. Nu inget téh hebos lambusanana wé jeung burahay seuneuna, da bubuhan harita mah kuring leutik kénéh jadi teu pati loba anu karékam ku uteuk. Ngan édas, sok sanajan saeutik anu karékam, tapi anu sakitu sauetik téh kacida nanceb kana ingetan.

Untungna, kabeneran dina Lebaran taun ayeuna, éta rasa nineung kuring bisa kaubaran. Ari nu jadi lantaranna mah nalika kuring silaturahmi ka imah dulur anu geus lila teu kaanjangan—manggihan jelema anu boga kasab jadi panday. Mang Ano ngaranna téh, hiji lalaki umur 45 taunan anu geus jero pangalaman dina palebah nyieun parabot tina beusi.

Hiji kauntungan deui pikeun kuring, waktu harita kabeneran Emang kuring boga maksud nyieun congkrang anyar ka Mang Ano pikeun ngagenti congkrang heubeul anu semplak, jadi kuring boga kasempetan pikeun nyakséni kumaha prak-prakan Mang Ano dina nyieun parabot tatanén tina beusi, hususna congkrang.

Dina migawé éta pagawéan, ku teu disangka-sangka—Mang Ano horéng dibantuan ku pamajikanana, mangkaning éta pagawéan téh kaitung beurat.

Dina prak-prakan nyieun éta congkrang, Mang Ano nyiapkeun beusi urut pér mobil (meunang meuli lima rébu rupia sasirihna). Tuluy éta beusi téh diduruk dina areng anu dihébos maké blower. Har, gening maké blower … lain biasana mah maké lambusan? Enya aya éta ogé lambusan mah, ngan ngarah irit waktu jeung tanaga, lolobna mah blower anu dipaké pikeun ngahébos téh. Kitu alesan Mang Ano. Ari lambusan, dipakéna téh dina mangsa listrik keur aliran atawa pareum wé, minangka keur jaga-jaga.


Balik deui kana beusi anu dibeuleum. Satutas éta beusi anu dibeuleum téh asak ceuk ukuran manéhna, laju Mang Ano nyait éta beusi anu ngagebur burahay ku cara dicapit. Bari nyekelan panyapit tina beusi téa, Mang Ano tayohna nyipta-nyipta gambar congkrang dina luhureun éta beusi, tuluy inyana  neueulkeun tatah luhureun beusi anu ngagebur téa dituturkeun ku pamajikanana anu ngheumatkeun palu gedé kana tonggong tatah. Doléwak éta beusi panas téh jadi aya tapakan. Sed, tatah ku Mang Ano diisedkeun. Habek deui ku pamajikanana diheumat maké palu. Kitu jeung kitu, nepi ka éta beusi meunang meuleum téh semplék, anu sesemplékanana boga panjang kurang-leuwih 10 sénti tur rubakna kurang leuwih tilu  sénti. Laju éta sesemplékan téh dibeuleum deui nepi ka burahay, geus burahay tuluy dijait deui ku Mang Ano, tuluy ditimpa deui maké palu ku pamajikanana nepi ka sautik-saeutik rubak éta congkrang téh nambahan, geus tiis laju dibeuleum deui … dijait … terus ditimpa deui ku pamajikanana. Kitu jeung kitu nepi ka éta beusi tina pér mobil téh jadi congkrang. Atuh satutas wangunna siga congkrang mah tuluy wé éta congkrang téh digurinda jeung disipuh. Geus disipuh mah éta congkrang téh bisa dianggap jadi tur bisa dibawa balik.

Kitu prak-prakan digawé Mang Ano minangka panday di lemburna (Kp. Lemah Luhur-Bungbulang-Garut). Mémang jadi panday téh lain pakasaban utama Mang Ano, sabab éta pagawéan téh dipigawé ngan di mana aya nu pesen tur dina waktu reureuh tina pagawéanana anu utama, nyaéta jadi tukang tani siga urang Gunung Jampang umumna. “Ti mana waé, No … tadi isuk-isuk urang ka dieu—euweuh?” ceuk Emang kuring. “Biasa wé tas ti sawah, tuluy nempo munding …,”
 kitu témbal Mang Ano, nandakeun yén inyana ngan kalan-kalan aya di gosalina.

Ku sabab Mang Ano digawé di gosali ngan di mana aya pesenan, nya inyana teu bisa nangtukeun sabaraha-sabarahana panghasilanana tina ladang manday. Waktu ku kuring ditanya—Na teu hayang ngaronjatkeun produksi tina manday tuluy masarkeunana ka tempat anu leuwih jauh, Mang Ano ngajawab héngkér ku waktu sabab inyana boga pagawéan nyawah jeung ngurus munding, anu salila ieu dianggap pagawéan utama, ditambah deuih can aya nu daék masarkeunana. Kitu tandes Mang Ano, anu akina terah ti Ciwidey-Bandung téh.


Sacara visual, kumaha prak-prakan  Mang Ano dina migawé pagawéan di luhur, bisa katangén dina video anu ditautkeun di handap




No comments:

Post a Comment